Ramadhan 1433 H / 2012 M

Posted by

Teu karaos rupina geuningan sasih shoum teh tos nincak dinten ka genep, kawajiban puasa ramadhan anu ku urang dipidamel unggal taun teh mangrupikan kawajiban puasa sapertos anu parantos diwajibkeun oge ka umat nu kapungkur. Sakumaha dawuhan Alloh SWT dina Alquran surat Albaqoroh ayat 183.

Taun ieu kawajiban puasa ramadhan karaos benten pisan kangge pribados, margi kaayaan pribados teh tos benten sareng lima taun kapungkur. Ayeuna mah tos sanes masa lalajangan deui namung parantos gaduh kulawargi alit mangrupi garwa, murangkalih dua pameget sareng istri. Suasana dina nalika sahur sareng buka teh karaos pisan haneuteun margi aya batur pakukumaha sareng kulawargi. Haturnuhun ya Alloh parantos maparin sadya kani'matan ka abdi sadaya, mugia sing tiasa nyandakna kangge bekel ibadah ka salira. amin



Demo Blog NJW V2 Updated at: Kamis, Juli 26, 2012

0 komentar:

Pakaian dan Sepatu disini