Rasa Syukur Ka Illahi Robby

Posted by

Alhamdulillah,, kalayan nyebat asma Alloh SWT anu parantos maparin nikmat Iman, Islam, sarta mangpirang-pirang nikmat nu teu tiasa ka etang hiji-hiji, ti kawit urang ngarenghap nafas dugi ka urang kulem deui. Tangtuna seueur pisan rahmat serang nikmat manten-Na kangge urang sadaya, khususna pribados. Sholawat miwah salam teu kedat-kedat mugia tetep tercurah kangge jungjunan urang sadaya, tuladan urang dunya akherat nyatana kangjeng Nabi Muhammad SAW, anu parantos nyandak urang sadaya tina alam kajahiliahan ka jaman anu pinuh ku nur cahaya kaimanan. Pamugi urang sadaya kalebet jalmi sareng ummat anjeuna anu baris kenging syafa'at mungguh Alloh SWT di akherat. Amin...! 

Kalayan neda du'a kanu Maha Kawasa, insya Alloh ieu catetan teh sing jadi cukang lantaran urang nambah-nambah elmu, tur tiasa dijantenkan tali pemengkeut elmu sareng mangrupaning sagala rupi nu mangpaat dunya akherat. 

Kuayana ieu blog teh, sok sanaos pribados teh masih lelengkah halu diajar midamel blog mugia ageung hapunten ka sadayana sesepuh bloger upami aya kalepatan pang ngabimbingkeun sareng pang lereskeun, anu maksadna supados langkung sae, bener sareng mangpaat kasadaya para pemirsa sakumna. Kukituna teu kenging isin-isin mangga diantos dirorompok blog pribados supados ka aos bilih aya anu teu waspaos sareng teu sapagodos mangga lereskeun. 

Mudah-mudahan ieu blog teh tiasa janten cukang lantaran nambahna elmu pangaweruh kangge urang sadaya,  sahingga tiasa ngaronjatkeun pamikiran urang sadaya sakumna. Hatur nuhun....


Demo Blog NJW V2 Updated at: Rabu, Juli 25, 2012

0 komentar:

Pakaian dan Sepatu disini